Minggu, 24 November 2013

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam



1. Wanci tumorék nya éta wanci keur meujeuhna saré tibra (kira-kira tabuh 00.30)
2. Wanci janari sapi kira-kira tabuh 01.00
3. Wanci janari leutik nya éta wanci liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 01.30)
4. Wanci janari gedé kira-kira tabuh 02.00
5. Wanci disada rorongkéng nya éta wanci disada kongkorongok hayam sakali (kira-kira tabuh 02.30)
6. Wanci haliwawar nya éta wanci disada kongkorongok hayam dua kali (kira-lira tabuh 03.00-03.30)
7. Wanci janari kira-kira tabuh 04.00
8. Wanci balébat nya éta udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar (kira-kira tabuh 05.00)
9. Wanci carancang tihang nya éta wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (kira-kira tabuh 05.30)
10. Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé nya éta wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag (kira-kira tabuh 07.00)
11. Wanci haneut moyan/laér kanjut nya nya éta wanci keur sedeng dipaké moyan (kira-kira tabuh 08.00)
12. Wanci rumangsang nya éta wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas (kira-kira tabuh 09.00)
13. Wanci pecat sawed kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00
14. Wanci manceran/tengah poé nya éta panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer (kira-kira tabuh 12.00)
15. Wanci lingsir ngulon nya éta wanci panonpoé ngésér ka kulon (kira-kira tabuh 14.00)
16. Wanci panonpoé satungtung nya éta waktu panonpoé satungtung (kira-kira tabuh 15.00)
17. Wanci tunggang gunung ny éta waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung (kira-kira tabuh 16.00-17.00)
18. Wanci sariak layung nya éta wanci layung di langit katénjo beureum (kira-kira tabuh 17.00-18.00)
19. Wanci érang-érang nya éta waktu panonpoé rék surup (kira-kira tabuh 17.30-18.00)
20. Wanci sareupna/harieum beungeut nya éta waktu geus mimiti reup poék (kira-kira tabuh 18.00-18.30)
21. Wanci sareureuh gaang nya éta waktu gaang eureun disada (kira-kira tabuh 19.00)
22. Wanci sareureuh budak nya éta waktu barudak leutik geus mimiti saré (kira-kira tabuh 21.00)
23. Wanci sareureuh kolot nya éta waktu kolot mangsana reureuh (kira-kira tabuh 22.00)
24. Wanci tengah peuting kira-kira tabuh 24.00.[2]
Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu Ibadah[édit]

1. Pajar kira-kira tabuh 04.00 waktu rék meleték panonpoé
2. Imsak kira-kira 10 menit saméméh waktu subuh
3. [Subuh]] kira-kira tabuh 04.30-05.00
4. Duha kira-kira tabuh 08.00-09.00
5. Lohor kira-kira tabuh 12.00
6. Bada lohor kira-kira tabuh 12.30-13.00, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor
7. Asar kira-kira tabuh 15.30
8. Magrib kira-kira tabuh 17.30-18.00, waktu geus mimiti poék pikeun ngalaksanakeun sholat magrib
9. Bada magrib kira-kira tabuh 18.00-19.00, waktu saréngséna sholat magrib
10. Isa kira-kira tabuh 19.00, waktu pikeun ngalaksanakeun sholat isa
11. Bada isa kira-kira tabuh 19.00-20.00, waktu sanggeus ngalaksanakeun sholat isa.
Sesebutan Waktu nu Patali jeung Poé

1. Isuk-isuk kira-kira tabuh 05.00-10.00, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed
2. Beurang nya éta ti mimiti meleték panonpoé nepi ka surupna
3. Pabeubeurang kira-kira tabuh 11.00-14.30, waktu sabada pecat sawed nepi ka waktu panon poé satungtung
4. Pasosoré kira-kira tabuh 15.00-18.00, waktu sabada panon poé satungtung nepi ka waktu sareupna
5. Peuting nya éta waktu ti barang surup panonpoé nepi ka meletékna deui
6. Poé ieu nya éta waktu anu ayeuna keur dilakonan
7. Isukan nya éta sapoé nu bakal datang
8. Pagéto nya éta heuleut sapoé ti ayeuna ka hareup (dua poé nu bakal datang)
9. Pagéto amat nya éta heuleut dua poé ti ayeuna ka hareup (tilu poé nu bakal datang)
10. Kamari nya éta poé nu geus kaliwat sapeuting
11. Mangkukna nya éta kamarina, heuleut sapoé ka tukang (poé nu geus kaliwat dua poé)
12. Tilu poé ka tukang nya éta waktu nu geus kaliwat tilu poé.
Waktu nu Patali jeung nu Geus Kalakon[édit]

1. Ayeuna nya éta waktu nu keur dilampahan
2. Bieu nya éta waktu nu cikénéh karangdapan
3. Cikénéh nya éta panuduh waktu nu geus kaliwat, pandeurieun bieu
4. Tadi nya éta waktu nu can lila kaliwatna
5. Engké/mangké nya éta nuduhkeun waktu (deukeut nu bakal kasorang).
Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman

1. Kiwari nya éta jaman nu keur dilakonan ayeuna
2. Baréto nya éta jaman nu geus lila kaliwat
3. Baheula nya éta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto
4. Bihari nya éta jaman nu geus kaliwat lila pisan
5. Jaga nya éta jaman nu lila kénéh bakal kasorang
6. Isuk jaganing géto (pagéto) nya éta jaman nu moal lila bakal kasorang

7. Baring supagi nya éta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar