Kamis, 28 November 2013

Papasingan

Papasingan Mantra Sunda


Papasingan Mantra di Sunda di antarana nya éta: Asihan, Ajian, Singlar, Jangjawokan, Jampe, Rajah (AASingJangJamRaj).
1. Asihan, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan hiji jalma atawa sakumna balaréa mikaasih, mikanyaah, deudeuh, héman, cinta, tresna, jste. Asihan dipiwanoh ogé ku sebutan Pélét, sok sanajan dina watek-perbawa élmuna téh béda; Asihan sifatna ‘numuwuhkeun‘  atawa ‘ngageuing‘ rasa, sedeng Pélét sifatna ‘maksa‘ munculna rasa.
Conto-conto ngaran Asihan Sunda (boh nu asli buhun boh nu geus keuna ku akulturasi réligi) di antarana; Asihan Sileugeuteureup, Asihan Ali Panandong, Asihan Si Taruk Gadung, Asihan Bagal Pirusa, Asihan Si Ulang Gupay, Asihan Si Burung Pundung, Pélét Abshor, Asihan Kentring Manik, jsb.
2. Ajian, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan meunangkeun kakuatan atawa kasaktian lahir-batin lineuwih nu bisa dipaké meruhkeun mahluk lian (jalma, sato, gaib, jsb). Ajian miboga sawatara watek atawa perbawa. Aya ajian-ajian nu gunana pikeun kanuragan (teu teurak ku rurupa pakarang), kawedukan atawa kadugalan (kakuatan badan pikeun galungan fisik), Kasaktén (leumpang di cai, mecah raga, jsb),  Panglimunan (teu katingali ku musuh atawa batur), Panyirepan (gendam, nyieun batur teu sadar, linglung, saré), Paneluhan (sangkan batur/musuh gering, cilaka, atawa palastra), Pangabaran (meruhkeun, ngadalikeun, atawa ngabendung daya-daya ajian lian), Panglumpuhan (meruhkeun daya raga musuh atawa nu maksud jahat), Parewangan (meruhkeun lelembut, jin, demit, jsb),  jll.
Conto-conto ngaran Ajian di antarana; Ajian Prabu Siliwangi, Ajian WalangSungsang/Aji Cakrabuana,  Aji Gelap Sayuta, Aji Pangabaran Geni, Aji Rempak Baya, Aji Teluh Galunggung, Aji Brajageni, Aji Brajamusti, Aji Brajasukma, Teluh Kalabuat, Teluh Budugbasu, Teluh Rambat, Teluh Rawit, Pangabaran Tunggal, Aji Saréwu Peurah, Aji Napak Sancang, Teluh Bajra,   jrrd

3. Singlar, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun tujuan ngusir, ngajauhkeun, atawa nyingkahkeun/nyinglarkeun sarupaning hal, perkara, barang, sato, atawa nu lianna. Singlar ilahar ogé disebut Parancah atawa Panyarang.
Conto-contona di antarana; Singlar Demit, Singlar/Sarang Hujan, Singlar Hama, Singlar Nu Kaniaya,  jll
4. Jangjawokan, nya éta mantra atawa dunga (du’a) anu dipapatkeun ka Nu Gaib (Batara, Pohaci, Karuhun, Lelembut, Aci Batin, Sadulur Diri, Hyang Widhi, Pangéran,  jsb) sangkan hasil maksud, cacap paménta, sugema hasil, rahayu, salamet, diraksa, jsb.
Conto-contona di antarana: Jangjawokan Nyiuk Béas, Jangjawokan Dipupur, Jangjawokan Ngisikan, Jangjawokan Diminyak, Jangjawokan Nguseup/Ngalintar, Jangjawokan Nyeupah, Jangjawokan Mandi, Jangjawokan Ngakeul, jsb
5. Jampé, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun ngubaran, nyageurkeun, miceun kasakit atawa meruhkeun panggawé batur.
Conto-contona di antarana: Jampé Muriang, Jampé Harééng, Jampé Seueul Angen, Jampé Asup Angin, Jampé Siwah, Jampé Salusuh (ngubaran nu tarik birahi), Jampé Pamatri, Jampé Kembung, Jampé Ateul, Jampé Konéng, Jampé Sawan, Jampe Nyeri Huntu, Jampé Jangar, jrrd .
6. Rajah, nya éta mantra nu dipapatkeun pikeun tujuan ngajaga, ngaraksa, ngariksa, sanduk-sanduk, uluk-salam, dituyun, diaping, dituduhkeun, dileungitkeun kasusah atawa pangrobéda, dihasilkeun maksud ku Nu Gaib, jsté
Conto-contona di antarana: Rajah Bubuka, Rajah Panutup/Pamunah, Rajah Ngababakan Alas, Rajah Muka Pihumaeun, Rajah Pamunah Lampah Cidra, Rajah Sawan, Rajah Pepelakan, Rajah Imah, Rajah Teluh, Rajah Sukma, jsb 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar