Tata (aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu napak
kana ugeran aturan talari paranti sangkan teu ngarempak aturan, teu
“pamali” (hasil kalakuan anu sok jadi mamala goréng).
• Titi (tahapan léngkah) = titincakan laku anu nincak kana paniatan anu surti jeung nastiti.
• Duduga (sawangan) = rupaning anu rék dilakonan
tinangtu kudu disawang heula saméméh disorang, sangkan hasilna caina
hérang laukna beunang, anu karasa pikeun kasalametan. (Wiwaha Yuda na
Raga).
• Peryoga = ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku dina hiji tujuan (kasanggupan anu diukur ku kamampuh).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar