Uga Wangsit Siliwangi
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina
sateuacana ngahiang:
Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka
ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup
jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka
hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui
Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna
digeuingkeun ku obah jaman!
Pilih!
Ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu
pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.
Daréngékeun!
Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah
kidul!
Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura
misah ka beulah kalér!
Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah
wétan!
Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun!
Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung
dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi
masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig
geura narindak!
Dia nu di beulah kulon!
Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia
jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu
nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah
peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan
dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga
bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun!
Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal
baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat,
tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba
batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan
di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu
sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun
ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu
rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu
sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang;
teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu,
Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran
moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari,
bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu
laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna
loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab
kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus,
teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri.
Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun,
kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain
embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon
ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah
ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung
raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang:
undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua
jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun!
Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi
mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya,
sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma
jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé
nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab
murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya
nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah
loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan
urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon! Ti dinya gehger sanagara.
Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé
kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri,
tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku
monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét,
cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun
ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut.
Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya,
turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék
caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh
ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat!
Ari di urang?
Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét
ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan.
loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut
musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung
tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna
teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng
buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna
sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang
sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang
titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da
puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui
jaman. Ganti jaman ganti lakon!
Iraha?
Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul
kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui
karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun
lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun
pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta
duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung
monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog
mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba
buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur,
panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya
karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu
asup kana aseupan… Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan
wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung
bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur
paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan.
Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina
pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak
diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun
néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing Waspada?
Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun.
Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi
dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan
kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida
teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun.
Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan.
Iraha Mangsana?
Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut,
ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo
marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut?
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan
nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé
taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel
gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit
leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku
hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak
angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus
mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.
Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus
bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat;
urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa
Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia
nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar